Oleh Mayit Semprull pada 20 Oktober 2014 pukul 16:50
"Tarekat teh lain tujuan tapi "usaha" pikeun manggih hasil, supaya bisa nepi kana tujuan. Ari gerak mah parantos diwarah ku elmu fiqih, tasawuf jeung ushulludin, ari jiwana diomean ku dzikir supaya "daekna" aya, Sabab lain teu bisa ngagarap tani, ngagarap dagang, lain teu hayang tutulung, tapi "daekna" nu euweuh, margi keur datang "kedul". Naon pangna kedul? Margi keur aya panggoda syetan pangwujuk nafsu.Ari panggoda syetan jeung pangwujuk nafsu ayana dina beuteung, nu matak dzikrullah teh guna keur ngaleuseuhkeun diri, keur ngalesotkeun ka "kedul", keur ngawarah salira supaya jadi manusa "daek".Tanpa ku dzikir moal tiasa, margimanusa bade disalurkeun numutkeun Allah sareng Rosulna kana arah lillahi ta'ala, numawi ku nabi diwarah di mana arek ngamimitian kana pagawean anu alus kudu dimimitian ku maca bismillah. Saban perkara laku anu hade lamun teu dimimitian ku maca bismillah eta mubadir".Syaikh Ahmad Shohibul Wafa Tajul Arifin
No comments:
Post a Comment